Contoh Undangan Pernikahan dalam Bahasa Sunda

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu nitih wanci mustari ninggang mangsana waluya malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih pasini rintih ngahiji subaya nyata geugeut layeut laki rabi sareng pamugi dianti-anti nyakseni Walimatul Nikah pun anak anu Insya Allah bade dilaksanakan dina :

Dinten               : Minggu

Ping                 : 7 Desember 2011

Waktos             : Tabuh 09.00 WIB dugi ka rengse

Tempat             : Rorompok, Desa Jatimulya, Tambun Selatan

Mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek ngersakeun rurumpaheun sumping ka rorompok riung mungpulung ngedalkeun katresna manah sasarengan jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rakhmat Allah kalayan aya dina karidoan manten-Na.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

About Uwa Lengser

User

Posted on October 22, 2011, in Lain-lain. Bookmark the permalink. 10 Comments.

  1. Nuhun juragan

  2. upami “turut mengundang Keluarga besar kedua mempelai”
    kmaha tah basa sunda nu mernah na…??

  3. hatur nuhun dulur

  4. sampurasun, hapuntn upami tiasa sim kuring bade nuhunkeun conto uleman mageleng. diantos pisan. htrnuhun

  5. Pangajeng-ajeng, bukan pangajen.

  6. sampurasun… manawi uninga, aya reka basa nu nganggo kalimah kieu…: “beber layar tarik jangkar, ngambah sagara kahirupan…” (terasna kumaha ? manawi uninga? hatur nuhuun>)

  7. Bahasa sunda nya undangan apa?

  8. saya minta doa bahasa sunda, ada? thx

  9. doa pernikahan bahasa sunda, seperti apa ya?thx

Leave a comment